peuting ieu peuting nu tingtrim, jungjunan
anjog seja ngabeberah raga nu midangdam tibra
ngusap jiwa marojéngja nu guligahna ngagalura
mépéndé haté nu leleb-anteb neuleuman sagara simpé
rumpu-rampa milari salira, jungjunan
nyieuhkeun tiris nu nyimbutan reupna urang duaan
bihari, mangsa kokotrétan midang antay-antayan
réwuan aksara manéka warna ngadeuheus silih heulaan
kiwari kari wangwangan, jungjunan
ngagurat dada karahaan, sésa lara mangpirang-pirang
nyamarkeun harepan nu peunggas ngarangrangan
dipirig haleuang abjad jeung rintak wirahma titik koma
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment