Nyingkur. Handapeun ngémplohna iuh-iuhan. Diuk 'na tangga batu, gigireun gentong pangcurugan cihujan. Ngumbar lamunan. Nyawang rakit di situ landeuheun résto. Ratug. Mireng nu gumalindeng. Rét. Wanoja dikudung bungur. Jero rohang. Tawalo, anca. Medar hasil panalungtikan. Ngéntép seureuh olah basana. Pamilon seminar arunggut-unggutan.
“Tuuuh, bebegig sawah… hasil risét patani....” Mapalérkeun kaérana. Anak profésor nu kabungbulengan élmu. Digagandong mapay galengan, mulang bakti sosial KKN. Tuurna bohak, tisolédat na pudunan. Pupuringisan. Diadeuh-adeuh babaturan. Saminggu satutasna, milu abringan nonoman lembur. Nongton korsél di puseur kacamatan. Harita pisan, katrésna ngaranggeum pangbagéana.
“Terang teu, A, maung tiasa éléh ku ajag?” Pagégéyé. Kafé ténda deukeut parapatan. Pisaminggueun wisuda. Loba akal jeung daék gawé babarenganana, cék manéhna. Ukur nyéréngéh. Pinter, boga manéhna, IPK pangpunjulna. Gawé, bagéan kuring, purah angkag-ingkig ngungurus Sénat Mahasiswa. “Atuh, cinta urang sampurna..., tiasa babaung, Néng?” Ngagakgak.
Balakécrakan. Biantara kasilih kacapi suling. Saruka bungah. Batur. Gap, sisir nu satia. Siap-siap deui nyupiran. Dunungan geus ngagentraan.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment