• Hong!

    Ahéngna Asmara Dua Dunia Dina 'Upside Down'


    Sok aya nu pok kieu, “Ulah kapalang nalaktak ari nyieun fiksi mah!” basa ngabagikeun kaweruhna dina bagbagan ngarang. Éta pamanggih téh biasana sok diucapkeun lamun keur madungdengkeun perkara logis henteuna hiji fiksi. Tibatan satengah napak satengah henteu kana logika, mending sakalian wéh teu logis, kitu kira-kira cindekna.

    Filem ‘Upside Down’ sigana kaasup kana tongtonan nu ‘teu kapalang édan’ dina ngumbar imajinasi. Najan jejerna mah saenyana geus loba dijieun filem, pon kitu deui dina wanda tulisan, sarupaning ‘Romeo and Juliet’, tapi dina filem ieu mah aya visualisasi nu bakal ngondang kumecrékna nu nongton. Tangtuna lamun nu nongton bisa ‘asup’ kana caritana, éta gé.

    Adam Kirk miang ti Alam Handap, dunya nu poék tur surem. Kulawargana palastra ku sabab meledugna pertambangan minyak boga pausahaan adikawasa Transworld, nu ngaéksplorasi hasil bumi keur dialirkeun ka Alam Luhur. Manéhna boga sobat, mojang geulis ngaran Eden, ti Alam Luhur. Asmara dua alam, nu pamohalan, jadi inti carita. Tagline-na oge apanan “Bisa kitu cinta ngéléhkeun kakuatan gravitasi?” Jawabanana, tiasa ditongton ku nyalira.

    Alam Handap jeung Alam Luhur téh éstuning digambarkeun saenyana, mangrupa dua dunya (dua planet) nu kembar tapi misah sagala rupana. Aya dua gravitasi, sakabéh nu asalna ti planét nu hiji bakal kabetot ku gravitasi ti planét nu hiji éta, napel, moal bisa cicing ajeg atawa katarik gravitasi planet nu hijina deui.

    Euyeub ku simbulisasi saenyana mah ieu filem téh. Aya ogé padungdengan nu nyindiran alam kakiwarian, di dunya nyata urang. Ngeunaan ahir caritana mah kaasup kana ‘nyugemakeun nu nongton’. Sok sanajan teu kaasup ngabeledug di pasaran, asana filem ieu hade keur muka imajinasi urang.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi