• Hong!

    Béda Darajat

    Kelas ngabagéakeun. Coréngcang. Sinarieun manéh kapiheulaan, Sob? Nungguan. Mun panggih téh uingah sok inget kana pidato Pa Kepala Sekolah. Harita, ‘na upacara poéan munggaran ningan. “Sekolah tidak membéda-bédakan!”

    Anéh. Ongkoh teu ngabéda-bédakeun, tapi urang béda ‘na daptarna. Padahal, KMS atawa lain mah ulah dituliskeun, nya? Hayoh kabéh nyarahoeun. Aya haréwos, “Karunya, nya?” Ah, manéh mah teu pikarunyaeun! Uingah sok kalah kabita. Manéh, meunang jajan ongkoh, dibéré duit subsidi bulanan ongkoh. Uing, ukur dibekelan, pas-pasan! Prustasi, euy. Pimustahileun, bisa nabung keur hapé anyar téh. Batur gé sigana sarua, saririkeun. Tuda paroman manéh jauh tina susah. Gaya deuih, penampilan manéh téh. Kerén! Gosip wéh. Motor di imah manéh tilu, pajar téh.

    Kéhéd! Hanas ditungguan. Majar paheut sosobatan. Dibaturan, dibélaan, diinjeuman saban-saban. Peuray. Kalah gék jeung Si Déni. Milih anak nu beunghar, nya? Karék sadar. Jung. Tipepereket ngaranggeum hapé heubeul lungsuran. Gedig. Ngadeukeutan. Manéh keur anteng ngoprék Blékbéri anyar.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi