Kaleuleuwihi kitu kuring téh, atawa salaki anu teu normal? Gék, gigireunana. Tonggoy. "Pap…, cuék, ih!" Ogo. Ngarérét, kerung. Tuh, nya, angger! Sangkilang dibélaan tadi nyelang heula facial téh. Lumayan seger, najan awak lungséna angger, bati gawé parat ka soré.
"Oh...," pokna, ngahéhéh, "iyah, cantiiik, atuh!" Ah, baku, basa-basi. Gap, rémot. Berita kasilih sinétron kameumeut. "Geulis mana sareng itu?" Humandeuar. "Éta téh... moal lana, Mam." Tah, éta jawaban. Antep, ah. Sebel. Sok ngadon ngada’wah. Puguh ‘na tipi sakitu maléncrangna. Béntang-béntang, arumyang. Cureuleuk, di-lensa kontak-an. Kudungna, bajuna, garaya. Kabita. Sok diturutan. Kerén, cék babaturan, saban foto-foto midang. Nu nga-inbok waé, aya!
"Mamah téh kirang gaya, nya?" Gebeg. Nu nyeungseurikeun. Nini-nini. Rarayna nyumiratkeun cahya. Imut teleb, mawa katingtriman. Ngusapan. Barabat, medar pangalamanana. Kungsi ngahinghing ceurik, mireng dawuh Jungjunan. Pegat harepan. Pajar taya nini-nini lebet sawarga. Béhna ukur digonjakan. Gusti. Merebey. Aya nu beueus jeroning simpé. Samar-samar. Bréh. Nu haat nyimbutan. Husu di pangsujudan.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment