"Kopinya dong, Rin!" Aduh, ka kuring tatéh? Enya geuning, da gelenyuna disusul unggeuk, ngaenyakeun. Batur sabeulaheunana ngahéot lalaunan. Genjréng-genjréng, gigitaran deui. Iwan Fals-an. "Iya, Kak!" Neger-neger manéh. Rarasaan kumalayang. Lir silalatu api unggun nu ngajaul ka langit peuting. Ngajugjug bulan buleud nu milu kasmaran. Langit aya ku lénglang, béntang-béntang pangharepan baranang.
Kak Tito, ngaranna. Tingkat tilu. Pupuhu mapala. Idola, boga kasép boga komara. Rada gondrong, macho pisan. Siga galak padahal soméah. Karasa beuki loma, ngadeukeutan, ngetrok-ngetrok panto haté. Bungah, duh, tapi bet hamham. Guligah, sanajan éndah.
Muru méja konsumsi, teu nolih ka nu sareuri. Ah, kajeun, batur mah saririkeun. Gap. Sasét kopi instan. Citérmos panas kari nyicikeun.
"Bukan itu pilihannya, Dé…."
Halimpu. Gumalindeng di gigireun. Rét. Kak Silvi, saluhureun saangkatan, kembang kampus. Imutna liuh. Geulis bawa ngajadi, aktivis, pinter nyanyi. Babaturan lalaki sok ngarobrolkeun, raresepeun. Ceg. Gelas, gula, kopi bubuk. Témbong geus tuman. Langgéor. Mawa sagelas cikopi hideung. Seungit. Nyelekit.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment