Kelas mimiti simpé. Indah tambah guligah. Keur mah kasiksa ku rasa sebel sab kabéh kudu milu hér Matematika dadakan, katurug-turug mireng pengumuman yén hasilna bakal dijadikeun peunteun ahir. “Ih, tau gini mah, kemarén téh tong dieusian wé sakalian!” kukulutusna, basa Bu Dara nyelang heula ka Kantor Guru, mawa berkas soal nu tinggaleun. Percumah, gerentesna, hanas geus meunang angka ulangan pangbadagna ogé, bati hésé capé ngapalkeun jeung latihan. Ineu, sobat sabangkuna, teu lémék da rumasaeun butut peunteunna.
“Ingat, jangan bikin Ibu malu!” guru ngora téh témbong daria nakeranan di hareupeun kelas. Cara sasari, raksukan ngeprés ngabaguded pangawakanana. Lambey beureum burahay, mapaésan raray umyang anu méncrang. Ineu kungsi tepung di Skin Care jeung di tempat senam Mamah-na, pajar téh.
“Kasih Ibu nilai yang bagus-bagus! Ngerti…?”
“Ya, Buuu!” réang saur manuk
“Awas, jangan kerjasama!” galindengna deui, dihaminan unggeuk sakelas.
Langgéor. Gebrug. Panto ditutup ti luar. Indah mingkin baketut. Rohangan mimiti séah.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment