• Hong!

    Péngkolan Haté

    Lebah handapeun iuh-iuhan di parkiran ieu, Van, harita urang leumpang duaan téh. Rérés kuliah anéstési nu nepi ka soré téa. Girimis. Urang anyar jadian. Inget, kan? Ngaliwatan mangpirang nu méncrang, satia narungguan dununganna séwang-séwang.

    "Naha teu hoyong ka nu nyandak éta?" giler soca anjeun nuduhkeun nu ngabaris rapih. Kuring ngaléng, imut bari gogodeg. Nyiwit leutik népakeun geter katrésna. Lain matéri, walon téh, da jeung enyana. Hujan surti gumbira ati. Ngerepan. Urang rada lulumpatan bari seuseurian. Duh, asa pangbagjana sadunya, jungjunan.

    Sajorélat. Miangna mangsa mirusa carita. Kiwari mah parkiran témbong ngaheureutan, Van. Nu méncrang beuki ngalobaan, da boa ukur nu miboga éta nu bisa katampa. Alanyar, réréana. Duh, nu bodas méngkol ti heula. Bet waas, bet ngarumas, ku geuleuyeungna. Ras ka nu wandana sapulas, supirna aya ku loma. Adi kelas urang, nya, Van?

    "Sok tataros perkawis ko-as éta mah, Dén...." Dapon percaya, da mémang anjeun sénior pangonjoyna. Reueus nu aya. Hanjakal, nyeuit 'na pungkasanana. Ku naha, geuning nu bodas éta, nu ngageleser tutas wisuda. Mawa anjeun, nu indit teu cacarita. Ngabedahkeun cimata.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi