Sugan téh saged pangheulana, angger geuning éléh ku anjeunna. Bapa. Pangtangginasna. Siram, najan sakumaha tirisna. Salat wengi, laju ka masjid. Mulihna rérés wiridan. Gasik. Rebun-rebun angkatna, kalan-kalan teu nyarap heula. Kukurilingan. Ka sakola-sakola, milemburan. Rupa-rupa kaulinan budak keur jualeun, warna-warni, mapaésan sepédana. Gazelle heubeul karahaan, titinggal Aki.
Senén isuk waktuna amitan. Sakola. Saminggu milu di Mamang, mulang deui poé Saptuna. “Ieu ti Bapa, bongan peuting Enéngna kaburu tibra,” pok Ema. Bungkusan. Diilikan. “Emaaa, nuhuuun!” Ngagabrug, ngagaléntoran. Bungah nakeranan paménta kacumponan.
Hoyong hapé, Ma, cekéng harita. Bapa neuleuman simpé, Ema ngalimba. Ngarenghik. Tuda éra, hésé gaul di sakola. Sakelas kari sorangan nu teu boga, ngébréhkeun jalma pangsusahna. Mindeng nyingkur. Babaturan gé karagokeun mun silihtémbongkeun hapéna. Teu tarégaeun tayohna.
Nyarandé jero angkutan. Lugina. Rarat-rérét sajajalan. Meg. Rentang-rentang ‘na tanjakan. Waruga kuru, tatanggungan. Kotka melengkung rancatanana, beurateun ku babawaan. Jaba sakitu netekna. Sahinghingeun. Sepéda, ka mana sepédana? Langit béngras dumadak kakeueum keyembeng cimata.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment