“Tujuh nu geus palastra,” cék manéhna, “lima puluh deui keur nungguan pati.” Dareuda. Meupeus simpé binarung ngalimba. Atra naker kahanjeluna. Pajar nu marulang téh bari mawa pangwaris nu hamo kaukur hargana. Ngahariang méméh dipulasara. Nu ngaraku nyaah, ukur hambur ucap jeung biantara. Teu ngabukti nyata. Caredik gawé, komo rancagé. Pamustunganana, saeutik nu kaleuleungitan. Jajauheun tunggara. Saemét nu nyésa, titinggal nu boa moal aya nu haat miarana.
“Anjeun mah kuduna reugreug,” témbal sora, “di beulah kulon mah apanan loba nu buméla, lin? Masina di wétan, ukur riabna.”
“Ah, boa taya bédana,“ manéhna ngagebés, “nu tujuh ratus opat puluh hiji téh, palangsiang ukur itungan mangsa. Panasibanana mah sarua!” Jep. Jempling ngaharudum deui rohang padungdengan. Kitu sasarina, sawelas purnamaeun ka hareupna.
Barasat. Gubrag. Kado kayas hareupeunana. Pada curinghak. Gasik dibuka, témbong suka. Patingburisat, cahya-cahya. Anggitan-anggitan pangharepan. Dirawu, dikeukeup trésna dina dada. Nyulusupkeun éndah nu mirasa. Belenyéh. Nimburukeun papadana.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment