GUTRUT. Manéhna. Daria ngabedahkeun rasa. Ngabarabat. Ungkara demi ungkara. Ti paragrap ka paragrap lianna. Ngagalura. Ngabudalkeun nu nyangkaruk na jero haténa. Haté nu pinuh karaha bawana mangsa. Ah, paduli ka mangsa. Keur manéhna, waktu geus palastra.
Tulatén, ngéntep-ngéntepkeun kekecapanana. Sawaréh dibulen ku kembang-kembang basa. Sésana, satarabasna. Teu maké warna, teu maké siloka. Tonggoy, nepi ka rérésna. Janggélék, jejer kameumeutna. Nyéh. Témbong lugina. Laju anteng, nyawang lalangit jeung pajuriwet ramat lancahna. Nyarandé, na korsi titinggal pupujan ati. Nahan sirah ku amprokna réma-réma.
Gap. Keretas disidik-sidik deui. "Carita nu ieu, Jim," pokna, neuteup anteb pigura, "husus keur salira…." Jung. Muru juru. Keretas, lalaunan ditapelkeunana. Tarapti. Ngaréndéng jeung nu séjénna. Méh minuhan témbok kayas nu pulasna mingkin pias. Boléklak sawaréhna. Ti kénca ka katuhuna, ti handap ka luhurna. Keretas-keretas. Judulna, eusina, taya bédana. Mangsina, sarua beureumna.
Cetrék, lampu méja. Langgéor. Ninggalkeun kamar cakueum, jeung tetengger di tengah-tengahna.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment