• Hong!

    Kapegat Rindat

    KAMPUS Dipati Ukur. Pasosoré. Ngalénghoy, leuseuh. "Ka mana waé, Aa, ih?" Duh, galindeng éta! Halimpu, tapi neumbrag mamaras. Lumaku ébat. Ukur sanggup méré imut. Dumadak kaweur. Ngahaja tadi téh, nyingkahan jalan nu sasari. Nguriling. Brasna ka Fakultas Ékonomi. Bet édas. Gok téh, kalah pasalandog pisan. Lebah péngkolan, deukeut lapangan baskét.

    Manéhna. Ngabring jeung babaturan safakultasna. Luut-léét kénéh. Renung na taar umyang. Dibaju baskét bungur, témbong jangkung sampulurna. Makuta dikuncir ka tukang. Meles, matak kagémbang. Neuteup geugeut binarung rindat tumanya. Nganaha-naha.

    Ah, aya ku gumenclang... soca nu ngébréhkeun réwuan harepan. Haté mah jol ngoléang. "Awas pokona mah, pami teu ka Dago Atas deui. Papah naroskeun waé deuih, A!" Ngalanggéor. Gigireunanana patingkecewis, adeuh-adeuhan.

    Ngarahuh. Aya ku nyeuit. Ras kana eusi tas. Ijasah, légalisiran. Surat-surat lamaran pagawéan. Sésa baju bawa ti urut kontrakan. Beungkeutan surat uleman. Anyar néang ti percétakan. Kayas. Metet ngabeungbeuratan pikiran. Meusmeus. Talatah ti lembur. Ngaburu-buru. Pajar geus pada nungguan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi