• Hong!

    Guntreng Harita

    "DAMANG, Ang? Bingah, tiasa cétingan. Asa awis tepang di lapak?” "Duh, hapuntenna, Yi. Rupina kaleresan, fikmin salira teu kalongokan." "Lah, Aang mah, boro dianti-anti." "Sesah ayeuna mah, Yi." "Sesah kumaha, Ang?" "Muhun, danget ieu anggahota parantos 430.034 jalmi. Nu mikmin 55.875 jalmi. Statistik tatéh. Taun énjing, 2035, surna tiasa ngaronjat 5% deui." "Yaktos, Ang. Nanging, apanan ngabingahkeun, sanés?" "Jih, nya kantenan. Mung nyaéta, wayahna sesah tepang. Simuing gé, tadi wengi, ngajawaban 3.534 komén! Ngajehjer, da. Ampun! Teu diwaler, kumaha téa." "Sami, Ang! Abdi, ka subuhnakeun téh, aya kénéh 724 pairan nu tacan kawaleran! Tobat!" "Numawi, kantun pinter-pinterna urang wéh, ayeuna mah, ngabagi waktosna." "Muhun. Aéh, Ang, naha leres saurna ngapungkeun fikmin téh badé diwatesanan, janten safikmin sasasihna?" "Ah, isu! Moal! Tetep wéh, saminggueun safikminna." "Oh, muhun atuh. Punten, dikantun heula, Ang. Si Bungsu ngarenghik waé." "Har, ka mana garwa?" "Nuju diajakan ibu-ibu pangaosan, Ang, wisata jaroh ka makam Nini Antéh.”
    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi