• Hong!

    Uleman ti Kriméa

    Rada lila ngahulengna. Anteng, nengetan laporan-laporan. Beungeutna angger tiis, lir watu és Sibéria. Jempling. Jénderal-jénderal ngabedega, nungguan geletuk mangsa. Nganti-nganti dawuhna. Ngimeutan tuk-tek jarum jam disada. Ngahéab. Rohang nyongkab ku hawa pati. Amparan permadani, burahayna leuwih ti sasari. Jung, cengkat tina korsina. Mencrong panglima-panglima. Unggeuk. “Kriméa!”

    “Kriméa? Iraha?” Sarah nyekel pageuh leungeun salakina. Reg. Sérat, neuteup ku liliuh geugeutna. Gumenclang. Sapasang mata nu unggal peuting baseuh na pangsujudanana. “Isukan, Geulis. Dulur-dulur urang ditingker Rusia. Wayahna, titip barudak….” Sarah tibang sadrah. Salakina lain rék ngalongokan cimancur marmer, titinggal Qirim Giray, panineungan basa katrésna duaan tepung munggaran. Lain rék ngadon senang-senang, lain jalan-jalan.

    “Jalan-jalan ka sawarga! Hayu, mariang!” Sakuliah mandara. Takbir ambal-ambalan. Haliwu. Mars-mars pangperangan. Geueuman. Wirahmana mapakan kedepruk manglaksa kuda. Ébréh. Ngabagéakeun pecenghul Sérat tina panto imahna. Belenyéh. “Bismillah.” Teuneung, ngagandeuang. Nyoléndang Kalashnikov, titinggal bapana. Poé ieu, puluhan rébu barisan Khanaté Kriméa meuntasan jaman. Buméla, nandonkeun nyawa. Ngabandaleut dina gumuruh pangdunga.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi