“Tos teu bendu, ‘kan?” Leuleuy. Geugeut. Danu. Teu poho, imut. Imut nu parat. Ka méja juru. Ngabagéakeun ka nu anyar diuk. Wanoja gaya, pungsat anggoanana. Pirang, umyang. Luk. Tapi, hideng, ngisarahan ku rérétna. Résto mingkin ramé. Peuting éta. “Ah, henteu, atuh….” Isti. Hareupeunana. Teu weléh manis, sanajan kiwari tiis. Datar. Cureuleukna seukeut.
Danu tarapti. Si Blondé, engké. “Geuning kenal Déwi, Néng?” “Sanés kenal deui atuh, Aa. Ka Téh Déwi mah masih kulawargi tebih, ti Mamah.” “Oooh, paingan….” “A Danu pasti reuwas, da, kapendak jalan-jalan sareng Téh Déwi. Mesra, deuih!” Tah, mimiti. Ngaléok. Danu ratug. Renung. Neger-neger manéh. Isti, haré-haré. Mencétan hapé “Euh…, naha kedah reuwas? Da… teu aya nanaon sareng Déwi mah.” “Oh, kituuu.” “Muhun, sumpah…, mung Isti hij-hijina!”
Isti nyerot inumanana. Nimateun pisan. Mencrong. Daria. “Sareng Téh Déwi mah sanes caket deui, Aa. Apanan rakana ogé, Kang Idan, instruktur Isti, pami latihan boxer. Tuh, duaan, nuju ka darieu!” Nuduhkeun.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment