Pabeubeurang, mentrang-mentring. Parapatan Demak Ijo. Lampu beureum ngaléléwé. Rumahuh. Nyay. Maju. Ngarandeg deui. Bréh. Ti beulah wétan, aleutan saparat jalan. Ayeuh-ayeuhan. Knalpot pagandéng-gandéng. Ngawirahma. Ngaraclengkeun tai ceuli. Nu tarumpakna narima paéh, tinimbang diharéleman. Narangtung, ngagerung-gerung. Dikacamata hideung, dikaraos sapulas. Kolbak metet. Bendéra pabadag-badag. Nu diblangkon badis pangagung Mataram. Gugupay luhureun mobil.
Reg. Teuing kumaha mimitina. Hoghag. Riributan. Jeung keur areureun di parapatan. Nu narongton milu teu tarima. Caruaeun. Tinggarajleng. Hiuk, bek. Belewer. Belewer. “Minggir, minggir, asuuu!” Cul motor, cul mobil. Haliwu. Dalmas patingtorojol. Miluan. Bukbek. Kaca mobil mancawura. Dar! Dar! Orokaya, nu ngaramuk ngangsreg. Cilaka. Mangkaning teu bisa usik pisan. Beuki deukeut. Pahareup-hareup. Pet. Gerendeng.
Séah. Simpatisan ti beulah kulon. Tungkeb. Handaruan. Dijajap méga hideung, buburinyayan. Jlug-jleg. Coréléng, tinggalaur. Matana harurung. Manglaksa balatantara. Rajeg sapakarang-sapakarangna. Harideung, baju jeung iketna. Tingkélébét. Panji-panji warna emasna. Pedal gas ditincak. Mubus, antaré. Jlung-jleng. Pada mipindingan. Sawaréh cédok nyarembah. Biur. Ninggalkeun nu tingkocéak. Tingjarungkel. Tinggalolér.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment