Numutkeun Chuck Sambuchino mah, dina laman Writer’s Digest, sakurang-kurangna aya opat perkara nu jadi sabab ku naon urang bet teu gutrut waé ngarang. Cikan, urang toongan, sugan jeung sugan aya nu kabeneran sarua jeung nu kaalaman. Neda tawakupna, mugia dimalum, réhna tambahan-tambahan surahan dina poin per poinna mah sapalih sanés ti Mang Chuck-na.
Ieu cénah, nu nyababkeun urang henteu gutrut waé ngarang téh:
1. Bingung milih téma anu mana
Kalan-kalan, sakadang idé téh tingtorojolna matak hélok. Murudul. Aya nu lalindeuk, aya ogé nu lalinghas. Ku seukeutna paningal, rét kana hiji hal, jol idé ngarang. Rét deui kana warta, torojol deui. Nuju barusuh manah mah kantenan. Pokona pibahaneun mah teu kurang-kurang. Tapi, ku naon teu jaradi waé karangan, nya? Loba teuing mikir hadé-henteuna, cénah! Komo bari dibanding-banding waé mah, tungtungna nu méh dipilih gé kasilih ku nu anyar, bari can tangtu dijieun, éta gé.
Kumaha solusina, atuh? Cobian, seratkeun paragraf kahiji. Gutrut wéh! Tengetan, rasakeun. Mun cacap saparagraf, tur teu niat eureun, tah... éta tandana pihadéeun. Mun teu yakin mah, kana téma éta, save wéh. Cobian deui, pindah ka téma nu lianna.
Poin kahiji ieu, ogé ngageuing urang sangkan émpati, bisi papanggihan di sisi jalan, aya nu hulang-huleng bari nyarandé kana tihang listrik, sura-seuri sosoranganan. Tah, ulah waka monis pajar kelainan, boa éta téh pangarang nu keur meujeuhna uleng milih téma. Keur ngabuktoskeunana mah gampil. Caketan, sodorkeun pulpén sareng keretas, tingali kumaha réaksina.
2. Hadé dina implengan, ancur dina kotrétan
Hiji jejer téh, najan dina implengan geus dicipta-cipta, sakitu éndahna, atawa sakitu ketirna, atawa sakitu dramatisna, tapi geuning dina bréhna mah, dina hiji-dua kalimah pangawalna… bet butut pisan. Kitu nu karasa. Kulahék wéh, jol ujug-ujug teu pédé neruskeunana. Antukna, reg deui.
Kumaha cénah solusina? Carita, moal jadi carita, mun teu digutrutkeun. Tuliskeun. Sakali deui tuliskeun! Ukur éta jawabanana. Mun butut mah, jih, hapus wéééh. Beres, ‘kan? Daripada ukur hulang-huleng siga kaleungitan kabogoh kadua nu can aya.
3. Loba teuing ngumbar béja
Unggal aya gerentes, jadi béwara. Pok ka ditu, pok ka dieu. Tungtungna, kalah jadi wadul, bari teu gutrut-gutrut. Atuh puguh, karangan téh pamohalan kana jadina. Tepi ka kantor, barabat ngadongéng rék ngarang. Di pangajian, hayoh ngobrolkeun idé mikmin. Ka batur sakasur gé, teu poho bébéja jeung sasadu moal jadi partner heula, da rék ngarang, cénah. Kalah gedé catur tinimbang bukti nu bisa kaukur.
Solusina? Ulah bébéja ka sasaha heula, lah. Mun hitut téa mah, dipeuyeum wé heula, sina seungit pisan. Gutrutkeun wéh. Cacapkeun sina jadi heula.
4. Bingung ku tungtung caritana
Duh, kumaha rénjaganana? Kumaha tungtungna? Hayoh wéh mikiran pungkasanana. Antukna, eureun saméméh ngamimitian. Plot carita nu geus dicicipta téh jadi karasa waé gedé kakurangna. Padahal can nyampak jadi bacaeun-bacaeun acan, tapi résénsina geus miheulaan.
Kumaha solusina? ‘A good plan today is better than a perfect plan tomorrow’, kitu cénah. Rencana nu bubututan ogé, tapi nyampak poé ieu, leuwih alus tinimbang rencana nu sampurna, tapi ayana poé isuk. Mending buru-buru digutrutkeun, lah, danget ayeuna, daripada 'nungguan' carita idéal nu ayana poé isukan.
Sigana, tina opat hal nu ditepikeun kue Mang Chuck di luhur, kacindekanana mah mémang mulang ka diri urang sorangan. Kudu wani ngamimitian, ulah kéok méméh dipacok. Naon nu karasa, nu kacipta, pibahaneun naon waé, hayu mending urang gutrutkeun waé! Prung!
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment