Gombrang. Pré. Isuk-isuk. Amarah. Meupeuskeun deui beling-beling nu patulayah. Srog. Lalaki gandang opatpuluhan. Gogodeg. Memener dasi beureum atina. Gandeuang. “Pap, skripsi!” Rét. Kokodok. Lung. Rikat disanggap. “Thank you, Pap!” Teu némbalan. Pamuda kuru, celong, nyéréngéh. Ngahéot. Nyarandéan sofa empuk, saksi réwuan carita. Gap, sapatuna. “Kaos kakinya, Mas Jim….” Halon, ajrih. Song. Kerewek, leungeun dibetot. Wanoja diseragam kayas pias. Kéképés. Obah satékah polah. “Jiiim!” Gurinjal. Tangkeupan leupas. Si Kuru ngahéhéh. Beretek. “Dah, Maaam!” Earphone, ngahalangan raclengna tai ceuli, mireng nu gagantawangan. “Teu bapa, teu anak…!” Gebrug. Lawang patilasan ‘home sweet home’ nutup deui. Jol. “Mam, Papa pergi lagi, ya?” “Sibuk, Vi. Siang kita ke spa, jadi kan?” “Jadi, dong. Tapi, bénsinku habis….” Golosor. Manglambar-lambar, alanyar. Celengok. Léos. Imah agréng cakueum deui. Mingkin tiiseun. Geueuman. Ukur hiji sora. Beuki atra. Ngaweuhan. Nyeuit. Ti mangsa ka mangsa. “Harta lain sagalana. Lain ukur ku harta, Nyai, Ema-Bapa ngagedékeun hidep. Tapi, seug, kumaha karep waé!”
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment