“Euh, kumaha, nya…?” Kokolot téh kalah kerung. Garo-garo teu ateul. Rét. Mencrong ka dua sémahna. Mangkarunyakeun, binarung bingung. Buntu laku. Leng. Sakedapan. Sémah awéwé mah jol hing deui waé ceurik.
“Ulah teu ngabantosan, Aki… sing hawatos. Abdi tos ka ditu-ka dieu, taya nu sanggemeun. Keukeuh teu tiasa dibuka. Percanten, salira mah kagungan élmuna.” Dareuda. Nyusut cimata. Nu di gigireunana mah simpé. Ti saprak gék mula. Ukur sakapeung karungu rahuhna.
“Seug, atuh. Tungguan sakeudeung, nya.”
Teu lila. Kurunyung. Ti jero kamar petengna. Pelengseng. Bau menyan. Marengan léngkahna. Sémah awéwé, curinghak. Nyidik-nyidik nu digugusur ku aki-aki pamuntanganana.
“Ti saprak Bongbang Larang miang, Aki ganti propési, Cu. Der kana bobongkar, da kitu ceuk ilapat nu katampa. Pék, tah, salaki hidep sina diuk ‘na korsi ieu. Meunang lélang ti gedong déwan nu ieu mah.”
Teu talangké. Salakina diperenahkeun. Gék. “Tobat…!” Kekerejetan. Badis nu kasetrum. Gap. Leungeun kenca-katuhuna. Polonyon. Kotak suara. Leupas, saharita. Sasirah-sirahna.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment