• Hong!

    Saméméh Reup

    Cunduk peuting nu kasakitu mah anakna eureun rumenghik. Tara ménta dipangdongéngkeun deui, sabot dipépéndé. Gulinggasahanna gé suda. Dug sek-dug sek wé. Cara peuting ieu. Mopoék. Anteng. Ngeukeupan guguling. Teuing surti, teuing sumerah. Manéhna ukur keudeung kungsi mikiran.

    Belenyéh. Mencrong imut 'na layar hapé. Si Gandang. Tak-tik-tek. Tak-tik-tek. Parigel ngararangkénkeun talatah rasa. Sajak kasono keur nu anggang. Pung. Pung. Silih témbalan.

    "Maaah, simpen hapénya...," halon. Lieuk. Malikkeun awak. Samar-samar, nu camberut. Surti. Ngusapan. Sot, lalaunan hapé digolérkeun, handapeun dipan. Ngéléhan. Celengok. "Bobo, sayang. Tuh, saur Papa, saminggon deui uihna...." Nu peureum haré-haré. Kalah ngadadahan lalangit, umat-imut. "Kata Ené itu bukan Papa!"

    Gebeg. Tingsariak. Ras kana "Mamah hapéan terus, ih! Adé maén lagi sama Ené aja!" Tereleng. Bréh. Deukeut sumur di kebon tukang. Harieum. Budak ngeceprek. Sosoranganan.

    Puriding. Ngadarégdég. Uyup-ayap kana lanté, néangan hapé. Gep. Panyagap lebah pigeulang. Nyelecep.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi