• Hong!

    Papanggihan 'na Tungtung Peuting

    Tepung munggaran téh harita, malem Jumaah, dua minggu kalarung. Keur ngadeluk wé di jero kamar, mencrong picarponeun nu ngadon magol. Teu kaur anggeus. Klik. Delete. Taktiktek deui. Ngabebeskeun ungkara séjén. Randeg deui. Uleng. Kitu jeung kitu. Rét. Méh tabuh tilu. Simpé kasilih sora cakcak arocon. Rahuh. Cikopi béak, ideu saruana, saat. Lageday.

    Hébos. Karasa pisan. Nyelecep tiis. Jéntré deuih, sada rénghap gigireun ceuli. Pelengseng. Seungit menyan awor malati. Rey. Puriding. Tingsariak. Késang tiis késang badag gumarajag. Bray. Kaméra léptop hurung sorangan.

    Gebeg. Atra wujud ngumalangkang, mapaésan layar. Papakéan sarwa bodas, buuk panjang galing muntang. Sampulur. Nyéh, imut di satukangeun. Lenyap. Teu wasa nyoara, taya daya malikkeun raga. Ngadégdég. Garayam.

    Cénah, uing kapanggih isuk-isuk nyangkéré 'na deukeut sumur, tukangeun dapur. Hémeng. Naha di dinya? "Taktagé... tong seueur teuing ngalamun, Kaang! Istigpaaar!" nu rawah-riwih. Manéhna, nu manggihan kuring, ukur nyéréngéh. Tutas menerkeun seléting mah jumarigjeug muru kamar. Dekul. Taktiktek. Taktiktek.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi