• Hong!

    Parapatan Karingrang

    Pasosoré ieu, Nad. Lain kamari. Kiceup. Kiceup. Bangjo Mirota Kampus piligenti ngisarahan. Patalimarga keur meumeujeuhna ramé. Bédana, taya pirang-pirang patwal patingbedega di parapatan. Miriwitan. Megatan nu ka kalérkeun. Hohoak, nitah maké jalur séjén.

    Kumalangkang. Éndahna poé kamari. Milu balaréa mageran jalan. Nungguan karnaval midang, pawéy Féstival Budaya Yogyakarta. Aworna kamonésan, pupulasan, réngkak jeung tatabeuhan. Ger. Ayeuh-ayeuhan. Nyurakan uing nu meusmeus ngarérétan. Anjeun, Nad, ngarérétan anjeun. Pupujan.

    Sagep-gepeun kana leungeun umyang. "Hés, siniii!" Kalah nyurungkeun batur anjeun sakosan. Baku. Belenyéh. Rindat mupuas, buburicakan. Kareueut. Dijewél, geura. Nu disurungkeun, montél ngahajakeun. Pikasebeleun.

    Barikade geus dipérénan. Nu ka-UGM-keun teu di-verboden deui. Lancar. Ngan..., pijalaneun sorangan nu kalah buntu, Nad. Kawas gang deukeut Sardjito, nu nepungkeun urang jeung témbok tukang imah batur téa. Basa peuting-peuting mapag anjeun sabalad-balad mulang praktikum. Buntu. Patingcikikik. Uing sasadu. Heueuh, sigana uing spésialis nyasab, nya, Nad?

    "Hésti mah gitu orangnya, Aa," pok anjeun tadi peuting, "tapi dia téh sérius...."

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi