Keur meumeujeuhna uleng, ngimeutan tabél penjualan. Tagiwur, rék tutup buku. Si Bos pulang-anting nananyakeun waé. Targét, targét. Ting-tong. Bréh, BBM ti manéhna. "Tos midangkeun deui karya?" Hih, ku aya-aya waé. Bororaah. "Teu acan, sok wé Ninit tipayun." Rét. Dekul.
Teu lila, kurunyung deui BBM-na. "Sieun awon, ah." Baku. "Moal, yakin saé!" "Mung nyumangetan, nya? Hoyong aya nu ngawurukan…." Aingah. Karya-karyana malaléncrang, najan tara nyingkahan jejer asmara nu kemba. Matak geregeteun pamaca. Atawa, foto profilna mangaruhan kana jumlah-jamléh nu ngajempolan, kitu? Riab. Pairan gé mangpirang-pirang. Matak murengked. Ah, sanés udagan éta mah, pokna.
"Sok, apungkeun!" Lamun harga-harga ngapung deui, pibingungeun anu aya. Jaba dollar-na labil. Pausahaan balangkrut. PHK. Kirining. “Transaksi di-closing aja!” Alah, samporét. Naha ieu prospék can transfer waé, deuih? Har, ménta dikirim dokuménna ayeuna? Karék kabaca. “Tapi nu ieu mah dipairan kan? Please." "Boleh. Sudah siap akad secepatnya?”
Lain waléh. Ngan, rumasa. Enya, salah kula. Jejer kemba tinggal carita.
---
Kamus mini:
waléh ngomong terus-terang lamun aya kahayang, sab. kemba; ting. bungkem, wakca; kecap ~ sok disebut ogé balaka; lamun aya kahayang kudu ~; wawaléhan api-api waléh, siga enya nu waléh; mending ~ manan léwéh mending ngomong terus-terang tibatan terus jadi pikiran. (Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, fikminsunda.com)
No comments:
Post a Comment