Sajeroning ngahuhuleng na sisi jembatan téh, nu ku manéhna jeung beubeureuh nu dilamunkeunana mah dilandih 'Jembatan Asmara', sabab di dinya pisan duaan sapuk rék babarengan ngagayuh rumah tangga, silih pikacinta silih béla nepi ka tungtung mangsa, pagaliwotana jalma-jalma nu lalar-liwat mah teu hayang ieuh miroséa, sarua jeung lamun manéhna keur uleng mikiran beulah mana wates rasa satia, bari teu nolih kana kaayaan di tempat pagawéanana, nu mimindengna mah kaayeunakeun karasa simpé nu sasimpé-simpéna.
"Nu matak Bapa milih hidep téh, nepi ka ninggalkeun bojo jeung barudak Bapa, nyaéta ku sabab ieu rasa, rasa nu tumiba ti Mantenna, Dzat nu moal pati-pati ngalungsurkeun kawenangan anu kiwari rék dipaké ku Bapa, lamun kaluar tina kamahawijaksanaanana. Wayahna, bageur, mun enya miboga satia, Bapa ménta dijurung ku pangdunga...." Haténa léah, laju lééh, ti harita.
"Mugia bagja sareng Andika, Jungjunan. Ivan ngantosan di sawarga. Pileuleuyan...."
No comments:
Post a Comment