Umyang. Upluk-aplak. Pulas emas patepung jeung konéng canola. Kuring ngajajanteng, nyawang tungtung langit. Waas, jararauh panineungan. Layung éta nu harita jadi pangbibita. Kuring léah, daék dibandang ku manéhna.
Enya, éndahna langit Melbourne lain saukur dongéng. Tapi, éta mah baheula. Basa eucalyptus bodas sagigireun cékdam remen nyakséni manéhna ngupahan kuring, mun pareng misono lembur. Kalan-kalan, nongton opera soprano di Dame Nellie Melba jadi pangolona. Teu weléh kabébénjokeun, maskét deui. Karasa pisan kahémanna. Éstuning saenyana. Najan béda pulas pakulitan, manéhna reueus mun ngawanohkeun ka koléga-kolégana.
Dua puluh taun. Angger paduduaan. Pangharepan teu tinekanan. Mun ras ka dinya, ukur bisa ngaheruk, ménta dihampura. "Nothing makes me disappointed!" pokna bari ngeukeup, ngusapan. Teu ieuh obah sikep jeung kanyaahna. Teu wasa ku tumarimana.
Pasosoré ieu, layung mingkin nguyung. Canola gé ligarna hambar. Tapi, léngkah demi léngkah kalakon pasti. Bréh. Éndah. Romantisme nu basajan di sisi walungan. Pésta resépsi nu kadua kali. Manéhna nyandingkeun pilihan kuring.
fikmin kintunan
No comments:
Post a Comment