Saha jalmana atuh, nu teu hayang anakna junun sakola? Malahmandar isuk pagéto ngaronjat panasibanana, tibatan indung-bapana. Wajar wéh ngésang ngusahakeunana mah. Galécok 'na batinna. Tumarima, gedé pangharepan. Léok. Méh nepi ka pangjugjuganana.
"Ku naon budak ceurik, Ma?" haréwosna, pabuburit, basa jog ka imah pétakna. Kerung. Bojona ngécagkeun seuseuheun, baju-baju tatangga. Katémbong beueus. "Kudu aya buku soal Matématika UN cénah, bapana. Isuk dipakéna." Leng. "Lain dibéré ti sakola?" "Nu éta mah henteu. Sieuneun éra ku babaturanana, sigana." Rumpu-rampa. "Euh, kitu... sabaraha cénah haregana?" Golosor. "Wayahna, jang béas sakitu heula, nya, Ma. Ngéléhan. Bada magrib, keun cuang téangan bukuna." Unggeuk, ngusap cimata.
"Hapuntenna, teu tiasa, Pa. Dipésérna kedah sapakét, opat buku, pangaosna...." Toko nu katilu. Wancina pépérén, tarutup. Nyelek. Ras kana haté nu baris peunggas, rumasana teu dibéla. Duit salambar, bati ngoréhan ruruntuk sapopoé tadi, teu mahi. Dikeupeul, tipepereket. Clak. Ngaboséh deui. Mubus gebrét cihujan.
No comments:
Post a Comment