Méh tengah peuting. Jog. Omah Banon. Rumahuh. “Kadé, Jang, omat… pangmawakeun nu tinggaleun téa!” Puguh ngahaja, ditinggalkeun. Kabeurat-beurat, raridu. Cacak teu diperedih Abah mah, antep! Ngan, karunya. Lahlahan, horéam ogé. Rék dipakétkeun, pajar téh. Pasosoré, biur muru Jogja.
Sabulan katukang, dijujurung ngawakilan anjeunna ka dinya. Munggaran, kapaksa. Langsung béda rasa. Ruyrey. Rohangan asa hareurin, najan ukur wewelasan jalma, ahli waris ti mana-mana. Tingsariak. Asa aya nu nalingakeun, ngumalangkang di lebah jineman. Les. Lieuk. Samar-samar, kupat-képot lebah gapura. Coréléng. Les. Kapeutingnakeun, seungit malati humiliwir. Pupuhu imut. “Citraresmi…,” haréwosna. Matak kerung.
Kulutrak. Bus. Mébel kuno tingbaredega, ngabagéakeun. Kai jati, kai nangka. Baroléklak kahakan mangsa. Pelengseng. Puriding. Gasik muru lomari. Gap. Mariksa bagian téa. Hémeng. Jarik batik, iket, botol banyu ti Tamansari, asalna aya. Nyel. “Aya nu maling?” Riyeg. Reuwas. Tetempoan dumadakan pareuray. Lalaunan maruih. Mubus kana gapura cahya. Ngadégdég. Sawérwéreun. Tulisan dina kertas mimiti ngalémbéréh, beureum. “Sawala, Miéling Sunda, 22 Mei 2222”.
(kénging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment