• Hong!

    Wa Jumad

    Rohangan masjid dumadak simpé. Jamaah marepet ambekan. "Kitu kasapukanana, Wa. Ulah nampik, omat." Wa Jumad ngahuleng, bari ditibanan paneuteup ti saréréa.  Diponcongok. "Enya, heueuh atuh, Ji.... " Nu hadir réang tahmid, sawaréh patingséréngéh.

    Pupuhu DKM mindeng ngasongkeun proposal pangwangunan masjid. Wa Jumad apanan pangbeungharna. Tapi, tepi ka taun katilu, can kungsi kacutat aya sumbanganana. Pangolo, "Wa, jalan ka masjid téh heureut, upama ditambahan wakaf sauted tina kebon Uwa...."  dijawab ku mageran kebonna. Kiwari, dibenum jadi Dana Usaha mah ahirna léah. Hidayah saméméh puasa, pajar mah. Aya waktu dua minggu.

    "... geus kakumpul tilu puluh lima juta nya, alhamdulillah, insya Alloh nyukupan keur nganggeuskeun masjid téa." Jamaah pangaosan talakbir, tarahmid. Pada muji. Wa Jumad, disorban, nyéréngéh. Ukur Pa DKM nu kerung. "Éta mah jumlah-jamléh kamarina, Wa Jumad can kaasup...." Nu diharéwosan, gogodeg.

    "Perkara tanah mah, cuang tanya ka Koh Acim wé, ku Uwa geus dijual.... "

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi