Haleuang adan anyar lekasan. Breng, panémbal réang tarandang. Krik-krik-krik. Rupaning sasadaan. Silih pirig. Guligah. Mapag hiliwir katingtriman. Ngabagéakeun nu tingpecenghul tina péngkolan. Tatangga, dulur-dulur. Jul-jol. Laliwat di hareupeun buruan, ka kulonkeun. Peuting munggaran, masigit sabiasana lébér ku nu daratang. “Mbiii, tarawéh, hayuuu!” Nu tinglalieuk, nyaralukan, arunggeuk ka lebah tepas. Manéhna nyimpé. Mukena geus rap, sajadah kameumeut dina pangkonan.
"Mél…, Papih énggal sauran. Bilih elat, kituh!" Lol. Sorot soca, neundeun rasa nu hamo kedal. Alum nu sakotéap nyingray.
"Papih mah apanan tos di ditu, Mih…." Imut, rengkuh, halon. Gasik ngusapan. Deudeuh nu dipapag ku kerung sakedapan. “Di ditu?”
“Badé nganggo sendal nu beureum atanapi nu hideung, Mih? Ku Amél pangnyandakkeun.”
Léngkahna kandeg. Kahulag ku nu nyekelan. Rét. Beueus, laju rambisak. Gabrug.
“Papih nu sok naroskeun sendal téh, Mél....”
“Muhun, Mih…. Parantos waktosna diihlaskeun. Papih tingtrim di ditu. Amél tos nyanggem ka Ua Haji, engké badé disungkeun pandunga ka jamaah, sateuacan tarawéhan.”
No comments:
Post a Comment