• Hong!

    Lubar

    Lain rék tetelepék sual lancah, ulin ka Peter Parker téh. Lain, sab aya perkara nu leuwih utama. Hadéna, Peter surti. Barabat medar pangalamanana. Orokaya, Bibi May bangun kasuat-suat. Beueus. Gura-giru ngilikan pasakan dina microwave. Mary Jane gasik ngécagkeun roncéeun, dirapkeun deui kana manekin, laju ngaléng anjeunna.

    Kaharti. Kahébatan Peter sajatina lain ramat téa. Aya nu leuwih wedel tinimbang taméng Kaptén Amérika, leuwih kuat tinimbang baju wesi Tony Stark nu kakoncara. Komisaris Paul anu bucitreuk némbongkeun kabungahna. “Sukur, geus paham mah. Seug, ayeuna rék dibéjaan,” pokna.

    “Sesah milarina, Ang, sanés usumna….” Mang Dirja ngasongkeun suung beubeunanganana, samulangna ti huma. Ngahaja mangnéangankeun, cénah, dibélaan cul karamba sapoé éta. Apaleun pisan kana karesep ti bubudak téh. Sabiasana, rengkuh, najan ka alo. Ingkud-ingkudan. Kuru. Bréh, sukuna nu kokorédeun. Jegoh. Jegoh. Pajar geus saminggu bronhitis kronisna kanceuh deui.

    “Kanggé lebaran, Mang,” cekéng, ngeupeulan duit. Bébéakan nganuhunkeun. Plong. Hararampang. Tepung jeung manéhna, jalma nu nelasan Bapa.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi