• Hong!

    Nasruddin Katinggang Kacang Kenari

    Pabeubeurang, mentrang-mentring. Panonpoé morérét kacida, ngahéabkeun hawa nu ngagaringkeun tikoro saban jalma. Bulan suci Ramadhan téh halabhabna beuki karasa. Nasruddin, tonggoy ngumbar léngkah-léngkahna. Lalampahanana can tepi kana pangjugjugan. Jog ka hiji patempatan. Manéhna ngarandeg. Léok, muru handapeun tangkal kenari, niat ngiuhan saheulaanan. Reureuh, ngilangkeun leuseuh.

    Rurat-rérét. Nasruddin nengetan sakuriling bungking. Bruh-bréh, panorama alam, dadamelan Gusti Nu Maha Kawasa. Pipikiranana mimiti ngarancabang. Panempona nojo kana buah waluh nu témbong baradag, nyelap di antara bulat-beulit areuy di palataran. Rét deui kana tangkal pangiuhan, tangkal kacang kenari nu sakitu jangkung badagna. Manéhna laju kerung.

    “Kalan-kalan sok teu kaharti ku akal, naon atuh pamaksudan Gusti Alloh téh?” gerentesna, “naha bet kacang kenari nu laleutik mucunghulna tina tangkal nu sakitu ngajungkiringna, jaba teuas, ari buah waluh anu gararedé mah kaluarna tina areuy-areuyan nu semu laleuleus?”

    Titis tulis. Beletak téh aya nu ninggang, kacang kenari nenggel pisan kana sirah Nasruddin nu butak. Koréjat, manéhna nangtung saharita. Laju ranggah, ngangkat leungeunna, bari ngadunga pinuh ku karumasa. “Duh, Gusti… hapunten jisim abdi nu calutak, nataroskeun kawijaksanaan Salira. Gusti mah yaktos Mahawijaksana. Naha kumaha atuh panasiban abdi nembé, saupami buah waluh nu baradag ayana dina tangkal nu ngajungkiring ieu?”

    Catetan:
    Tangkal kenari nu dimaksud, mangrupa tarjamah tina kecap walnut tree (Juglans regia). Tangkal ieu téh aslina ti Eropa beulah tenggara sarta ti Asia beulah kulon, laju dibudidayakan di wewengkon Galilea jeung di mumunggang-mumunggang pagunungan Lebanon jeung sabudeureunana. Kitu nu kacatet ku sejarawan, béjana geus aya ti mimiti abad kahiji maséhi di wewengkon kasebut.

    Naha walnut istiméwa? Sab tangkalna ngajungkiring badag, bisa nepi ka 9 meter jangkungna. Dangdaunanana seungit, bari jeung linduh kacida (rimbun, Ind.), cocog mun jadi tangkal pangiuhan. Kaina miboga tekstur anu rapet jeung éndah, diajénan alus keur jadi bahan parabot mébelér. Anapon buahna, miboga kulit ari nu ngandung asam tanat, jeung lamun digodog bisa ngahasilkeun bahan pewarna coklat kolot. Daging kacangna ogé luhur ajénna, sabab rasana gurih tur lamun dipeureut bisa ngahasilkeun minyak nu kualitasna méh sarua jeung minyak zaitun.

    (kénging adaptasi Yuska Sadéwata tina seratan di laman Ramadan Humour, kalayan fotona mah kagungan Wikipedia)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi