• Hong!

    Alqomah

    "Hé, Indung, terangkeun ka kami, naha kumaha anak anjeun téh?"
    "Pun anak éstuning leket solatna, rajin puasana, seueur jariahna, nun."

    Manéhna nyaksian. Ti mimiti milu diutus, tiluan ngawakilan, basa Jungjunan diperedih ku garwa Ki Jenat. Enya wéh, nu ditalkin téh ilatna lir ditalian kawat, teu wasa uucap. Tibeberegég. Ingkig, manéhna mulang deui. Barabat, ngabéjér-béaskeun nu nandang sakarat. Surti kersaning Ilahi. Jungjunan, antukna ngangkir. Jol, hiji indung ngadeuheusan.

    "Ulah didingding-kelir, geura jéntrékeun!"

    Si Indung dumadak alum. Ngawakcakeun kabeungbeuratna. Anakna, ahli ibadah. Kabéhdieunakeun, lir mopohokeun. "Pun anak langkung tuhu ka bojona...."

    Satutasna. Jungjunan miwarang ngumpulkeun kakayon garing. Sarangrangna-sarangrangna. Kararagét. Sok komo, Si Indung téa. Renghak-renghik. Mireungeuh anakna hadé diduruk sab seuneu alam dunya taya hartina dibandingkeun panas naraka, wawales keur anak nu teu diridoan ku indungna. "Ulah, Gusti...!" Gorolang, Si Indung ngajéntrékeun karidoanana.

    Manéhna nyaksian. Milu nyolatan, milu ngurebkeun Ki Jenat, harita. Nyarengan insan pangmulyana, Kakasih Mantenna.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi