• Hong!

    Pulas Kaasih

    "Meniko sampun jam kalih, Kangmas. Menopo mboten istirahat riyén mawon?" pokna bari gigisik, laju mencrong ti pangsaréan. Makutana nu galing muntang acak-acakan. Ngised. Memener simbut, ukur simbut bodas, nu nutupan sampulur awakna. "Sekedap malih...." Nyéh, imut kareueut. "Menopo mboten kesel to, Kangmas meniko?" Duh, dédéngéeun. Halimpu. Jeung baku, ari geus masieup rindat ku kiceup sajorélat. Ngégél biwirna lalaunan, bangun ngahajakeun nyiar pikagemeseun. Ieu tetempoan. Nyaah. Enya, nyaah temen, mun teu dirérét-rérét acan bari nyarandé saheulaanan. "Mangkéh mawon, Jeng. Niki takrampungké ndisik...." Haté mah kumejot, perang sabil.

    Ngagayuh kajanarikeun. Hiur angin cumelecep. Dangdaunan oyag katirisan. Jegoh, Jegoh. Kanvas, méh pinuh ku sarupaning gurat jeung pulas. Tube cét minyak pabalatak luhureun lemah, sagigireun hunjuran nu teu weléh lening balas direresik ku kaasih. Kakara karasa lungséna.

    "Cekap sakménten riyén, nggih?" Taya walonan. Nyekel kuas beuki teu katanagaan. Tapi, seungit malati jeung parukuyan mingkin awor minuhan rohang peteng panineungan.

    KAMUS MINI:
    "Meniko sampun jam kalih, Kangmas. Menopo mboten istirahat riyén mawon?" (Ieu tos tabuh dua, Kangmas. Naha teu istirahat wé heula?)
    "Sekedap malih...." (Sakedap deui....)
    "Menopo mboten kesel to, Kangmas meniko?" (Naha teu capé kitu Kangmas téh?)
    "Mangkéh mawon, Jeng. Niki takrampungké ndisik...." (Engké waé, Jeng. Ieu cuang béréskeun heula....)
    "Cekap sakménten riyén, nggih?" (Cekap sakieu heulaanan, nya?)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi