Pasosoré. Jogja keur meumeujeuhna nandéan hujan. Bet jorojoy hayang mpék-mpék nu di Jalan Gejayan téa. Luak-lieuk, taya sasaha. Duh, pilakadar hayang kaluar sakeudeung gé hararésé. "Miiih! Miiih!" Angger taya walonan. Imah, aya ku lega. Tapi, tiiseunana liwat ti saking. Lahlahan, muka lawang. Gilig, rék ka hareup sorangan.
Can gé nepi ka pos gerbang, satpam kompléks haripeut nyampeurkeun, mamawa payung. "Badé tindhak pundi, Éyang?" pokna, rengkuh bari mayungan, "ditunggu dulu, njih. Dalem kontak rumiyén Bapak...." Bari nyebut-nyebut ngaran Si Jalu téh manéhna niténan nomer-nomer dina hapéna. Teu lila, geus gumerendeng ngawalonan Si Jalu, nu pasti di kantorna kénéh. Unggeuk-unggeukan. Teuing, ka Di Jalu téh semu nu gimir pisan.
Karandapan deui. Korsi roda diususurung ku satpam. Ukur bisa ngaheruk, tumarima. Ieu mah bari rancucut. Mulang deui ka imah simpé. Tiris, tapi teu sabanding jeung tiisna rohang haté. Kitu jeung kitu, unggal aya kahayang téh. Gusti....
No comments:
Post a Comment