PEUTING teuing ku tingtrim. Béntang-béntang mapaésan langit lénglang. Tingkaretip, semu ngahiap-hiap. Tapi, manéhna kapaksa mulang. Nyirorot, ninggalkeun awang-awang kasampurnaan. Lalampahanana nu kajaulkeun tilawah Kahfi, gumeleber di alam nimat sajatining nimat, kandeg saharita. Tartilna nu melas-melis, suda.
Gap. Tatuna mingkin karasa. Tingcelekit, tingsérését. Bajuna baloboran getih. Panah satilu-tilu tinggalolér sagigireunana, meunang nyabutan tadi. Rét ka nu ngageubra. Karayap, karayap. Reg. Rénghap-ranjug. Langlayeuseun, perwatek ngabayabahna ludira. Tapi, ras deui kana kawajibanana. Ongkoh deuih, geus waktuna genténan jaga.
Srog. Ngageuingkeun. Dulurna tibuburanjat. Ngagentak taki-taki bari rut-rét ka sakuriling bungking. Kolébat, aya nu ngejat. Nu ngajamparing tadi, moal salah.
"Subhanallooh..., deudeuh, Abbad. Naha lain ngageuingkeun kami basa katiruk panah anu munggaran?" pok Amar, rikat nulungan.
Abbad. Imutna miheulaan. Teleb. Sorot matana liuh sanajan nandang kanyeri.
"Kami keur maca ayat dina salat, Amar... lamun teu inget kana amanat ngajagaan ieu jalan ka pakémahan Jungjunan saparakanca mah... kajeun raga kami anu sapat, tinimbang babacaan anu pegat!"
No comments:
Post a Comment