Déng, ari nanasiban.... Meureun kieu papastén diri, titis-tulis nu hamo dipungkir deui. Ari léngkah mah enya ngaléngkah. Lain, lain kapaksa. Daék sumpah nyambat asma-Na. Najan kudu luluasan, ilang harta béak tanaga, kagedé-gedéna nemahan pati. Sayaga, nohonan paménta.
Sok komo tibang lumampah. Iklas. Meuntasan héab sagara kikisik nu ngahuru awak. Diudag-udag. Nandangan halabhab. Nikreuh. Leuseuh. Tapi, nimat anu aya. Taya aral nyamagaha.
Dumadakan. Pakampungan Rafi bin Al-Ma'la. Ngawujud heuheureutna dunya. "Hé, Durrah. Manéh mah keur nanahaon lumampah ogé?"
Gorolang. "Tabbatyadaa abii lahabiw watab...." Duh, Gusti..., iman abdi sagemblengna, kana ayat-ayat Salira.
Tapi, béda karasana. Raéngna Bani Zuraiq lain tumanya. Taya rasrasan. Nyeuit. Tingsérését. Abong ilat, seukeutna mapakan khanjar. Duh, Panutan. Salira langkung uninga. Torojol. Hariweusweus.
"Durrah..., sing bérag! Panutan urang, tadi sabada salat, dawuhanana 'na paimbaran, 'jalma hirup mah teu nandangan kasangsaraan alatan kagoréngan nu dilakonan ku jalma nu geus tilar dunya.' Urang nu kaaku kulawarga, kasinugrahaan sapaat, Durrah...!" Bray. Lénglang.
No comments:
Post a Comment