• Hong!

    Carita Simpé Ti Mangunan


    Sareupna. Mapag kalangkang di ieu leuweung. Sahandapeun liliuhna. Mangunan. Tonggoheun  pasaréan para karuhun. Tangkal pinusna rarajeg nyaksian. Nganaha-naha. Pupucukanana oyag-oyagan. Rékép. Ukur nyésakeun lolongkrang keur mubuskeun rasa. Aral. Kuciwa. Teu walakaya.

    Ti saprak katrésna ilang tan pamitan. Kaguligah laju nerekab ka sakuliah rohang ati nu mingkin garing kahalodoan. Pucuk-pucuk pangharepan. Layu. Lalaunan maluguran. Ngarangrangan. Runtag sapisan. Musna. Jungkiring tangkal kabagjaan kari tapak tutunggulna. Bareng jeung kebatna teuteup kacangcaya.

    Gilig. Harita. "Kuring rék nuturkeun anjeun, Lis, najan ka srengga giri laya...." Manéhna ukur imut.

    Horéng, asih téh geuning fatamorgana. Dikeukeup, ukur ngawujud rahuh kahanjelu nu taya tungtungna. Ngitung ti sekon ka sekon, tug ka wilangan pirang-pirang mangsa. Mingkin atra. Ninggalkeun kujur kaeurad catur.

    "Moal bakal laksana, Kang...," galindengna, "sab pamiangan urang geus béda ti anggalna. Sing réla. Akang geura miang dina lulurung nu samistina. Kuring mah bakal buni di satukangeun reueuk wanci sareupna."

    Rék nungguan. Di dieu. Dina simpé. Salawasna.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi