• Hong!

    Ki Olot

    Reup-reupan. Srangéngé tulus amitan. Comrék. Tibang angin nu ngusapan. Manéhna. Kuru. Alum. Ngajajanteng. Aya di mana ieu? Rumahuh. Tebéh penclut panyésaan. Rut-rét. Pasir-pasir diperlaya. Padumukan haranjat ka pagunungan. Huleng. Patempatan, diparebutkeun. Kiwari tikel-tikel ngalegaan. Ahéng. Ras ka mangsa Surawisésa.

    Kudupruk. Carinakdak. Rét deui. Gebeg. Saluareun biwir basisir. Wangunan jangkung patinggulubur. Reuteum, dina pulo-pulo nu tingpucunghul. Dumadak. Gur. Geni ngahakan sakabéhna. Ngabebela, ngagambar naga. Nyeuit. Ras kana naga dina kapal Nangkoda Tionghoa. Nangkoda saparakanca mantuan Kapuunan merangan bajo durjana. Basa....

    “Hudang, Olot!”

    Renjag. Wanoja geulis, pamor wibawa, hareupeunana. Koréjat. Rék cong nyembah, dihulag tiheula.

    “Hampura kula, Nyi Puun...,” pokna, dareuda, “Nyi Mayang Sagara téh....”

    “Apan ceuk kula, Olot, néangan Mayang Sagara mah bari tuturkeun cicika téa! Apanan léosna gé ka Leuweung Kabuyutan. Ari dia naha kalah ka dieu?”

    Rék engab, dijéwang mantén. Sulusup. Diajak buni. Sakotéap, breg. Penclut heurin ku réwuan jalma. Ngaguruh. Patinggorowok. Patétémbalan. Ras ka Jaya Antéa.

    *kailhaman 'Ruhak Pajajaran' yasana Saléh Danasasmita

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi