"Bismillahi majréha wamursaha, innarobbii laghafuururrahiim. Lancar, salamet. Aamiin...."
Nu ngagerendeng téh bangun nu ngahajakeun, teu nolih kana babawaanana nu nyedekkeun. Kapaksa ngéléhan, ngisedkeun suku ka katuhu. Manéhna ngarérét, buru-buru menerkeun tasna, digésérkeun.
"Punten, Néng," pokna bari imut. Umurna kira-kira opat puluhan, beungeutna semu géhéng, huntuna sawaréh rohéng. Dina beuheungna nyampai anduk belewuk nu geus teu puguh pulasna. Ti tatadi gé kaangseu bau awakna, bangun nu geus sababaraha poé teu manggih cai. Matak hémeng, ngadungana mah lekoh pisan, paséh jeung hadé lentong, ari awak bet teu kaurus pisan.
"Teu sawios, Pa," ngawalon téh sakikituna. Horéam, bisi kapapanjangan.
"Badé ka Bandung?"
Diwalon cukup ku unggeuk.
"Akang mah...," deuleu étah, ujug-ujug ngaakangkeun, "hampir wéh tinggaleun jadwal, Néng. Alhamdulillah, kabereg kénéh."
Pikasebeleunana téh, salila ngomong manéhna bet neuteup rada lila kana... ah, buru-buru wé menerkeun jékét. Manéhna semu nu kagebah, tapi édas boro-boro némbongkeun kaéra. Semu neureuy ciduh nu aya.
"Tapi, sagala rupi ogé aya hikmahna, Néng...."
Teu tulus api-api peureum téh. Rét. Manéhna keur ngusap beungeut ku anduk téa. Ti tatadi ogé késangna kawas nu teu tuus-tuus.
"Maksadna, Pa?" cekéng, maksakeun ngalayanan ngobrol. Hiliwir. Aangseuan mawa beuteung mimiti karasa murel, komo manéhna maké jeung ngadeukeutkeun awakna sagala.
"Muhun ieu, Néng," pokna daria, tutunjuk, "akang teu percumah lulumpatan ogé. Jaba kénging batur anu sakieu geulisna, jaba urang Sunda...."
"Ké, naha Bapa uninga abdi urang Sunda?"
"Ah, terang wé atuh akang mah. Tina tangtunganana ogé bénten!"
"Oh, kitu?" bari kerung, teu ngarti. Asa ku sotoy pisan ieu jelema.
"Kaduana, sok sanaos ieu kaca gerbong rumeuk...," itu geura, ngadon ngaharéwos sagala, beungeutna méh neueul kana buuk, "tapi, éta geura tingal, Néng, aya pelastik tilas batur di dinya. Akang teu kedah sesah milarian deui, pami engké karaos seueul atanapi murel. Akang mah dina karéta téh sok teu kiat hoyong...."
(kénging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment