Sireum keur ngarariung dina liang. Saréréa saredih ku ayana kajadian tadi isuk-isuk. Babaturanana nu keur ngagonyok dina sayangna paraéh lantaran katincak Gajah. Lain saeutik-saeutik jumlahna téh, tapi aya rébuna nu pejétna gé. Acan nu caracad, aya nu pinced, aya nu kéngkong, aya nu lolong, samalah anu lumpuh ogé réa, da sukuna parotong kabéh.
Keur kitu, torojol Raja Sireum. Pokna, “Déngékeun, nya, ku saréréa...! Urang saréréa ngalaman kacilakaan téh lain kakara sakali dua kali, tapi geus mindeng. Geus puluhan rébu dulur urang nu paéh kaleyek ku Sakadang Gajah nu kejem taya rarasaan. Lamun urang caricing baé, teu ihtiar néangan akal, tangtu kajadian kieu teh bakal terus-terusan kaalaman. Ku kituna, sok atuh ayeuna mah urang badami, kumaha akalna sangkan urang bisa maéhan Gajah. Tong sieun, sanajan Gajah sakitu badagna gé, lamun dikoroyok mah ku saréréa pasti bakal éléh. Asal urangna sauyunan! Kumaha, satuju..?”
“Satuju...!” ceuk nu ngariung, sorana mani ngaguruh.
Saréréa pada ngaluarkeun usul katut pamanggihna. Sanggeus rada lila, ahirna mupakat rék nyieun pitapak, nyaéta mangrupa lobang anu gedé tur jero di palebah liliwateun Gajah. Dasarna lobang téh rék diceceban ku awi sareukeut. Engké, lamun Gajah ngaliwat ka dinya, tinangtu tigebrus sarta katiir ku seuseukeut awi, moal bisaeun hanjat deui. Geus kitu mah rob wéh rék dikoroyok, dicarocoan ku saréréa.
Geus kitu mah, dér wéh gawe nyieun lobang téh dimimitian. Sanajan awakna lalembut, tanagana halengker, tapi kalah ku dikeureuyeuh digotong royong ku saréréa mah, lobang nu aya badag nya jero téh, teu burung anggeus sapoé ogé.
Sanggeus lobangna jadi, pek dicarecaban awi beunang nyeukeutan. Geus kitu, luhurna ditumpangan malang-mulintang ku pangpung beunang mulungan. Geus marerenah terus luhurna dirungkupan ku jukut, dirarapih sina rata jeung taneuh. Atuh barang geus anggeus téh teu kaciri meueus-meueus acan, yén di dinya aya lobang.
Buriak wéh sireum teh bubar, terus nyarumput buni teu jarauh tidinya. Saréréa ngarintip, saréréa deg-degan, saréréa teu sabar ngadagoan Gajah ngaliwat.
Teu kungsi lila geblig, geblig... geblig, aya nu datang! Awakna can katembong gé, gebleg-gebleg léngkahna mah geus kadéngé. Taneuh geus karasa eundeurna. Juringkang! Juringkang! Gajah mimiti katémbong. Beuki lila beuki deukeut... srog ka lebah sireum nyarumput.
Geblig! ... geblig! ... gebrus! Gajah tigerewos kana lobang, sorana mani ngagorobas! Pangpung, jujukutan, dangdaunan, taneuh, racleng kaplecengkeun ku nu tigebrus!
“Oééé... oééék... oééék...!” Gajah gugurubugan, tulaléna bubak-babuk, sirahna teuteunggar. Tapi sanajan adug lajer gé, Gajah teu bisa hanjat.
“Serbuuu...!” Raja Sireum ngagorowok ngomando.
Burudul sireum kaluar ti panyumputannana. Gajah beuki motah, awakna pinuh ditapuk ku sireum. Aya nu patingsulusup kana ceulina, sawaréh kana panonna, kana sungutna, sawaréh kana liang tulaléna, bari teu reureuh patingjeletot nyarocoan.
Puguh wé kanyeri Gajah téh lain rasa-rasakeuneun. Tungtungna mah rumpuyuk wéh nambru di jero lobang. Empés, empés... les wéh Gajah téh paéh.
Geeerrr... sireum surak bari patingalajrug! Tah, ti harita mah ka sireum tara aya nu ngaganggu, boh gajah deui, boh sato séjén. Da meureun pabéja-béja, yén sireum mah najan leutik tapi sauyunan. Sing saha nu ngaganggu pasti dikerepuk.
(Diropéa @yoezka, bahan kénging nyutat ti blog Artikel Bermanfaat)
No comments:
Post a Comment