Kacaritakeun, aya hiji tukang tatanén, nu boga ngaran Ki Waruga, rék ka dayeuh ninggalkeun bojona, Ambu Waruga, nu keur kakandungan. Manéhna peupeujeuh ka Ambu Waruga, lamun orok nu lahir téh lalaki, omat kudu dirawat sing hadé sangkan bisa ngabantuan Ki Waruga lamun geus gedéna. Tapi, lamun orokna awéwé, piceun baé, parabkeun ka Si Jelug, hayam jago ingon-ingonna.
Ambu Waruga kacida teu tégana barang inget paréntah ti salakina, nyaho yén nu lahir teh orok awéwé. Kacida bingungeunana Ambu Waruga. Tungtungna, orok beureum téh dititipkeun ka Nini Paraji.
Rek ngabohong wé ka salakina mah, gerentes haténa, rék dibejakeun yén orok téh geus dicangcang tuluy diparabkeun ka Si Jelug. Padahal Si Orok téh dititipkeun ka Nini Paraji. Orok awéwé téh dingaranan Si Pucuk Kalumpang.
Nepi kana waktuna, Si Jelug, hayam jago téa, bébéja ka Ki Waruga sanggeus datang ti dayeuh, yén manéhna teu ngadahar daging orok, ngadahar balina hungkul. "Orokna mah dibawa ka leuweung ku Nini Paraji," pokna. Kacida ambekeunana Ki Waruga.
Ambu Waruga nu sieun ku salakina tuluy nyusul ka Nini Paraji, rék mawa Si Pucuk Kalumpang ka salakina. Kacida teu tégaeunana Ambu Waruga, ningal budakna nu geus gedé nya geulis, kudu dibikeun ka salakina nu geus nyiapkeun tarajé bedog keur budakna.
Ku katelengesanana Ki Waruga keukeuh nitah Si Pucuk Kalumpang naék kana tarajé bedog téa, nepi ka saawak-awak budak téh pararotong. Tuluy wéh diparabkeun ka Si Jelug. Ku Ambu Waruga tulang-tulang sésa Si Jelug dikumpulkeun, tuluy dikubur.
Kacaturkeun, aya hiji raja nu ngimpi waé, yén aya mojang nu ménta tulung ka manéhna. Ku kasaktianana, mojang nu taya lian Si Pucuk Kalumpang téa, dihirupkeun deui ku éta raja, laju dijadikeun perméswari. Si Pucuk Kalumpang ngajak Ambu Waruga jeung Nini Paraji hirup babarengan di karaton. Ari Bapana, Ki Waruga, jeung si Jelug dihukum ku raja.
Sumber: Dongeng Sunda Buhun, Si Pucuk Kalumpang, kénging Ajip Rosidi.
Diropéa deui kalayan nyandak sumber ti blog planetusiter. Numutkeun sumber sanés: dongéng ieu dicutat tina buku "PARIBOGA Salawe Dongeng Sunda" beunang ngumpulkeun C.M.Pleyte diterbitkeun taun 1911. Dongéng SI PUCUK KALUMPANG asalna ti daérah BOGOR, ieu teh numutkeun catetan dina daftar eusi.
No comments:
Post a Comment