Nepi ka imah téh Ma Ésih mah galécok. Ihsan, anakna, ukur ngadédéngékeun bari bébérés buku keur bawaeun sakola isukna.
"Anu nyumbang ka masjid saratus juta bieu, Sujang, enya dina pangajian bieu, éta téh baheulana mah keur budakna sok ngangon di Pasir Pangangonan, tatéh. Apal pisan Ema mah, kumaha Pa Karta keur ololéhona," pokna.
Anakna curinghak.
"Euleuh, baruk urang dieu, Ma? Kulawargi jalmi beunghar, nya? Seueur artosna."
"Hih, lain, bageur. Éta téh putrana Wa Jumad urang Pasirlandeuh. Lah, moal apal Ihsan mah. Wa Jumad téh miskin pisan baheulana mah, leuwih-leuwih ti urang. Tapi ku sabab Pa Karta mah resep maca ti bubudak, getén diajar, peunteunna hadé waé. Terus wéh dileler béasiswa ku pamaréntah. Ayeuna jadi pajabat cénah di ibukota, di Kutai Kartanegara."
"Ihsan gé resep maca, Ma …."
"Enya, sok sing junun. Didungakeun ku Ema, sing jadi sakumaha cita-cita hidep, San. Jenat Bapa hidep ogé apanan resep pisan maca buku téh. Ulah peunggas harepan duméh kaayaan, sing sumanget, nya!"
"Muhun, Ma. Ihsan alim siga Mang Uyéh, karunya ih, Ma, mani sok di tajug waé bobona gé geuning."
"Tah, enya, San. Pieunteungeun tatéh. Paribasana 'batu turun keusik naék'. Anak jalma susah jadi pajabat, anak pajabat kalah jadi susah."
"Kumaha kitu, Ma?"
"Apanan Mang Uyéh téh almarhum ramana mah jaman harita nyepeng kalungguhan kuwu, San. Ngaaan aya ku meliiid si éta mah, tara pisan daék diajar, sakola gé kalan-kalan mabal. Bari sagala hayuh dicumponan waé, hanjakalna. Antukna sakola teu parat, élmu teu boga, harta banda ledis. Kitu jadina, na'udzubillahi min dzalik, muga anak Ema mah sing soléh. Ihsan mah sing junun, nya?" Ma Ésih ngusapan anakna, semu ngalimba.
"Muhun, Ma. Insya Alloh, Ihsan mah kedah suksés, apanan hoyong ngajak Ema naék haji téa."
Ma Ésih geuwat ngarangkul anakna.
No comments:
Post a Comment