"Ngeunah nya hirup siga Si Ujang mah. Saban aya kahayang téh moal burung kacumponan. Imahna gé gedé pisan, teuing sabaraha tumbak legana. Uing pernah diajak ka imahna, barang asup ka kamarna gé aya meureun tilu kalieun lega kamer uing," jol ngecebrek wéh Acép mah barang panggih jeung Udin téh.
"Uluh, beunghar temen, nya? Atuh éta mah asup kana babasan salieuk béh, nya?" Udin mairan bari semu kagét.
"Lain sisiwo, Din. Pék wéh bayangkeun," Acép giak nyusul tepus bari pepeta, "hayang dahar ngeunah, bapana boga réstoran. Hayang baju alus, indungna boga toko pakéan. Mobil tinggal maké, komo ngan ukur motor mah. Lahan lega bisi rék nyieun imah atawa tempat usaha. Enya bener, salieuk béh téh nyaan. Sagala aya, tinggal maké."
Udin olohok. "Wah, teu nyangka, euy!" pokna.
"Ngan hanjakal ...," Acép ngarandeg.
"Hanjakal kumaha, Sarcép?"
"Peditna nataku, Kudin! Kajeun teuing ulin jeung Si Ihsan wé lah uing mah. Manéhna mah kulawargana basajan, tapi béréhan pisan. Mun uing ka imahna gé pasti wareg waé, euy!" Acép nyéréngéh.
"Euh, baku manéh mah, ah."
(kénging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment