• Hong!

    Toko Bako téa


    Tugu nu jadi saksi kungsi ngalap élmu di Jogja, masih ngabedega di puseur parapatanna. Rusras. Rada remen baheula mah, ulin ka lebah dinya. Sok ngopi, ngawangkong, betah léséhan salila-lila. Murah meriah téa. Bari tangtu, aya sabab lianna.

    Gap kana pésak. Mencét hapéna. Jol karep tumanya. Teu hésé, teu lila. Galokgak, basa-basi heula.

    "Émut ka Tugu teu, Ja?" cunduk kana maksud utama.
    "Émut atuh, kumaha kitu, A?"
    "Nuju jalan pagi, ieu téh. Kaleresan aya tugas ka Jogja. Aya toko bako téa. Palih mana cik? Émut kénéh teu? Caket dinya apanan urang kapungkur kantos .... "
    "Ah, atos, A," ditigas sapisan, "teu kedah nyabit-nyabit deui dongéng jaman buhun, nya. Tos bénten-bénten deui alamna."

    Simpé sajongjonan. Angin, balawiri jelema, sora klakson jeung gurudug roda, kiceup lampu bangjo nepi ka satugu-tuguna, dumadak musna.

    "Muhun, atuh, Ja. Sing daramang wé, nya. Nuhun waktosna. Permios heula .... "
    "Kulon, A..."
    "Kumaha?"
    "Palih kulon, kaléreun jalan … toko bako téa."

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi